Sabar Éta Lapar
Bab - 5

RMJABAR.COM - PUASA téh latihan. Latihan pikeun nahan diri. Lapar, halabhab, émosi.
Tapi nu pangberatna? Nahan diri sangkan teu ambek. Nahan létah sangkan teu nyinyir. Nahan ramo sangkan teu ngetik hal-hal nu bisa jadi dosa.
Lapar? Éta mah biasa. Halabhab? Bisa ditahan. Tapi mun batur mimiti nyulut émosi? Éta ujian nu saenyana.
Kuring kungsi ningali aya jalma nu burudul buka. Alesanana? "Batan ambek, mending batal wé." Kuring seuri. Logikana bisa ditarima, tapi sabenerna nyimpang tina hakekat puasa éta sorangan.
Sabab sabar téh lain saukur nunda dahar. Tapi kumaha carana tetep tenang bari lapar. Tetep seuri sanajan dihina. Tetep nahan diri sanajan hayang males.
Ibnu Qayyim kungsi nyarios, "Sabar téh aya dua rupa: sabar nahan hal nu teu dipikahoyong, jeung sabar nahan diri tina hal nu dipikahoyong." Puasa ngajarkeun duanana. Sabar nahan lapar nu teu dipikahayang. Sabar nahan napsu nu sabenerna dipikahoyong.
Urang ayeuna hirup di jaman nu serba gancang. Sadayana kudu instan. Dahar tinggal pesen. Balanja tinggal klik. Ambek ogé tinggal ngetik. Tara lila, status WhatsApp bisa langsung jadi pelampiasan.
Ku sabab éta, puasa penting pisan. Ngajarkeun urang sangkan leuwih taliti. Leuwih bisa nahan diri. Leuwih sadar yén henteu sakabéh hal kudu buru-buru. Kadang, nungguan téh diperlukeun.
Jalaluddin Rumi kungsi nyarios, "Sabar téh lain hartina pasrah nungguan, tapi kamampuhan pikeun tetep bertahan kalawan haté nu tenang."
Puasa ogé sarua. Lain saukur nungguan bedug magrib, tapi kumaha tetep ngalakukeun kahadean sanajan lapar, tetep nahan diri sanajan capé, tetep seuri sanajan aya nu nyeri haté.
Sabab sabar téh lapar. Sareng lapar téh bagian tina lalampahan.
Piwulang 5 hari yang lalu

Piwulang | 5 hari yang lalu
Bale Jabar | 6 hari yang lalu
Bale Jabar | 6 hari yang lalu
Bale Jabar | 3 hari yang lalu
Ekobis | 21 jam yang lalu
Bale Jabar | 1 hari yang lalu
Pamanggih | 21 jam yang lalu
Bale Jabar | 3 hari yang lalu
Bale Jabar | 2 hari yang lalu